peoplepill id: yayat-hendayana
YH
Indonesia
1 views today
4 views this week
Yayat Hendayana
Political candidate

Yayat Hendayana

The basics

Quick Facts

Intro
Political candidate
Places
Work field
Yayat Hendayana
The details (from wikipedia)

Biography

Yayat Héndayana di dunia téater, anjeunna dipikawanoh salaku aktor jeung sutradara téater nu kawéntar. Gumelar ka alam dunya di Bandung, Jawa Barat 7 Juni 1943. Kasang tukang atikan SMA bagéan B, neruskeun ka Akademi Teater dan Film, di Bandung (1965). Pindah ka jurusan Basa jeung Sastra Sunda Fakultas Sastra Universitas Padjajaran, ngan teu diréngsékeun. Sanggeus meunang beéasiswa ti  UNESCO, anjeunna nuluykeun atikanna di Internasional Institute for Journalism (JIJ) Berlin Jerman.

Satamatna SMA, anjeunna digawé di bagéan administrasi Akademi Téater dan Film di Bandung. Jalaran kairut ku dunya téater anjeunna kuliah di dinya, ti saprak harita anjeunna ilubiung dina unggal kagiatan téater. Ngilu ngadegkeun Teater Perintis babarengan jeung Jim Lim. Aktif dina unggal kagiatan Studiklub Teater Bandung (STB), pernah nyekel kalungguhan salaku girang serat.

Lian ti aktif dina téater, Anjeunna ogé dipikawanoh salaku panyajak, panulis carpon, utamana dina basa sunda jeung wartawan. Sajak-sajakna dipidangkeun dina kalawarta Pikiran Rakyat, Budaya Jaya, Horison, Majalah Sunda, Manglé, Gondéwa, jsb. Salah sahiji karya sastrana meunangkeun Pangajen Sastra Lembaga Bahasa dan Sastra Sunda (LBBS) dina taun 1998. Sajak sunda hasil karyana dikumpulkeun dina buku  kumpulan sajak  “Katiga” (Kemarau , 1979) jeung “Sasambat” (2005). Tuluy buku “Doa Angkatan Kami” ngumpulkeun sajak-sajak nu pernah ditulis ti taun 1973-2004.

Jadi rédaktur majalah Manglé (1968-1972), rédaktur Gondéwa (1972-1975) jeung rédaktur kalawsarta Pikiran Rakyat, saméméh dipindahkeun kabagéan manajemen pausahaan. Aktif dina Persatuan Wartawan Indonesia, pernah jadi pupuhu PWI cabang Jawa Barat (1984-1989), Pengurus Badan Pertimbangan Kebudayaan Jawa Barat, pupuhu urusan Kanwil Departemen Pendidikan Nasional, manajer Gedung Kesenian Rumentang Siang, girang serat Kalang Budaya Jawa Barat (BKKNI). Kantos jadi anggota DPRD kota Bandung (1982-1987). Jalaran kantos dituding “teu beresih lingkungan”, anjeunna kantos dilirénkeun jadi wartawan.

Rujukan




  1. https://m2indonesia.com/tokoh/sastrawan/yayat-hendayana.htm
The contents of this page are sourced from Wikipedia article. The contents are available under the CC BY-SA 4.0 license.
Lists
Yayat Hendayana is in following lists
comments so far.
Comments
From our partners
Sponsored
Credits
References and sources
Yayat Hendayana
arrow-left arrow-right instagram whatsapp myspace quora soundcloud spotify tumblr vk website youtube pandora tunein iheart itunes